Lompat ke isi

Voice over Internet Protocol

Ti Wikipedia Sunda, ensiklopedi bebas

Voice over Internet Protocol (oge disebut VoIP, IP Telephony, Internet telephony atawa Digital Phone) nyaeta teknologi anu ngamungkinkeun komunikasi sora jarak jauh ku jalan media Internet. Dina VoIP, data sora dirobah jadi kode digital sarta dikamalirkeun ku jalan jaringan nu ngirimkeun paket-paket data, lain ku jalan jaringan sirkuit analog telepon pikeun sora.

Definisi VoIP nyaeta sora anu dikirimkeun ku jalan protokol internet nu dina basa Inggris disebut Internet Protocol atawa (IP).

Babandingan jeung jaringan telekomunikasi sora konvensional

[edit | edit sumber]

Dina jaringan telekomunikasi sora konvensional, terminal telepon langsung nyambung kana Privat Automated Branch exchange (PABX) atawa lamun langganan PT TELKOM mah nyambung langsung kana Sentral telepon Otomat (STO) pangdeukeutna. Dina STO ieu aya daptar nomer-nomer telepon anu disusun sacara uundakan luyu jeung wewengkon wengkuan STO. Lamun ti terminal telepon kasebut urang arek nelepon ka batur mangka tombol terminal telepon anu dipencet baris ngrimkeun informasi patempatan atawa nomer anu dituju ku jalan nada-nada DTMF, saterusna jaringan telekomunikasi konvensional baris sacara otomatis numbukeun terminal telepon urang jeung terminal telepon nu dituju.

Wangunan pangbasajanna tina sistem VoIP nyaeta dua komputer anu nyambung kana internet. Sarat-sarat dasar pikeun ngalumangsungkeun layanan VoIP nyaeta komputer anu nyambung kana internet kudu miboga kartu sora anu dihubungkan kana speaker jeung mikropon. Ku cara make pakakas lemes (software), dua pamake komputer kasebut bisa komunikasi ku jalan sambungan VoIP.

Wangun komunikasi kasebut bisa dina wangun silih tukeur koropak (file), sora jeung gambar. Sanajan kitu, maksud utama layanan VoIP nyaeta hubungan dua pamake komputer dina wangun sora. Lamun patempatan dua pamake komputer kasebut dipisahkeun ku jarak nu jauh (antar dayeuh, antar nagara) mangka bisa ditempo kauntungan tina sagi waragad; dua beulah pihak ngan cukup mayar waragad pikeun pulsa internet wungkul, anu biasana leuwih murah batan waragad pamakean telepon sambungan langsung jarak jauh (SLJJ) atawa sambungan langsung internasional (SLI).

Dina lalampahanana, sistem sambungan VoIP nyorang evolusi. Wangunan terminal nu digunakeun oge henteu ngan kawates ku komputer wungkul, tapi terminal sejen kawas terminal telepon bisa nyambung kana jaringan VoIP. Jaringan data digital nu make gateway (gerbang) VoIP oge bisa nyambung kana PABX atawa jaringan analog telepon. Komunikasi antara komputer jeung terminal (extension) di kantor oge bisa lumangsung. Komunikasina henteu wae ngan ukur dina wangun sora, tapi oge bisa dina wangun tulisan (chating) atawa, lamun jaringanana cukup gede, bisa dipake pikeun Video Conference. Dina wangun anu leuwih kabehdieunakeun, komunikasi ieu leuwih dipikawanoh minangka IP Telephony anu mangrupa komunikasi dina wangun multimedia minangka kamekaran tina komunkasi sora (VoIP). Keluwesan VoIP dina wangun jaringan, pakakas sarta media komunikasina ngajadikeun VoIP jadi gancang populer di masarakat.

Husus pikeun VoIP, wangun primitifna nyaeta PC ka PC. Ku cara nyambungkeun PC nu miboga soundcard (kartu sora) kana jaringan VoIP mangka komputer kasebut geus bisa dipake. Kamekaran satuluyna nyaeta digabungkeunana jaringan PABX jeung jaringan VoIP. Di dieu diperlukeun gerbang VoIP. Gambaranana nyaeta lawan ngomong ngagunakeun komputer pikeun ngahubung ka hiji kantor nu miboga gerbang VoIP. Kamajuan leuwih jauh tina konfigurasi ieu ngawangun gabungan PABX antara dua lokasi kalawan ngagunakeun jaringan VoIP. Salila make protokol TCP/IP mangka dua lokasi ieu bisa nyambung. Anu pangkomplekna nyaeta wangun jaringan anu ngagunakeun kabeh kamungkinan anu aya make sagala rupa wangun jaringan anu sadia. Diperlukeun saeutik tambahan kaahlian pikeun ngajalankeun wangun jaringan anu komplek kawas kitu.

Mimitina, wangun rjaringan PoIP teh tertutup pikeun antar patempatan dina pamakean sorangan (Internal, privat). Wangun jaringan VoIP satuluyna mekar leuwih komplek. Pikeun pamakean antar cabang dina komunikasi internal, VoIP dipake salaku panyambung antar PABX. Kamajuan satuluyna nyaeta gabungan PABX kasebut henteu wae ngagunakeun jaringan tertutup tapi geus make internet salaku wangunan komunikasi antar kantor kasebut.

Aplikasi VoIP jeung Kaamananana

[edit | edit sumber]

Salah sahiji panerapan VoIP nu sayagi nyaeta Skype. Skype teh software aplikasi komunikasi sora dumasar kana IP ku jalan internet antar sasama pamake Skype. Dina mangsa ngagunakeun Skype mangka pamake Skype anu keur online baris neangan pamake Skype sejenna tuluy mimiti ngawangun jaringan pikeun manggihan pamake-pamake sejenna. Skype ngabogaan sagala rupa fitur anu bisa ngagampangkeun pamakena. Skype oge dilengkepan ku Skypeout jeung Skypein anu ngamungkinkeun pamake Skype bisa nyambung jeung pamake telepon konvensional sarta telepon seluler.

Skype ngagunakeun protokol HTTP pikeun ngalangsungkeun komunikasi jeung Skype server, pikeun otentikasi (mariksa kaaslian) username katut password sarta pikeun registrasi ka Skype directory server. Versi modifikasi tina protokol HTTP dipake pikeun ngalangsungkeun komunikasi jeung sasama Skype client. Kauntungan anu dipiboga ku aplikasi ieu teh sadiana layanan kaamanan dina pangiriman data anu mangrupa sora. Layanan kaamanan anu ditawarkeun nyaeta:

  • Privasi

Skype ngagunakeun Advanced Encryption Standard (AES) 256-bit pikeun proses enkripsi kalawan jumlah probabilitas percobaan konci (brute-force attack) saloba 1,1 x E-77 kali, ari pikeun proses silih tukeur konci (key exchange) simetrikna ngagunakeun RSA 1024-bit. Public key nu dipiboga ku pamake baris disertifikasi ku Skype server dina mangsa pamake asup (login) kalawan ngagunakeun sertifikat RSA 1536 atawa 2048-bit. Skype sacara otomatis baris ngaenkripsi kabeh data samemeh dikirimkeun ku jalan internet.

  • Autentikasi

Saban pamake Skype ngabogaan hiji ngaran pamake (username) sarta hiji kecap konci (password). Sarta saban username ngabogaan hiji alamat surelek anu kadaptar. Pikeun asup kana sistem Skype , pamake kudu nyartakeun pasangan username jeung passwordna. Lamun pamake poho password kasebut mangka Skype baris ngarobahna sarta ngirimkeun password anu anyar ka alamat surelek pamake anu geus kadaptari. Padika ieu dipikawanoh minangka Email Based Identification and Authentication. Lantaran Skype mangrupa sistem komunikasi sora mangka saban pamakena bisa sacara langsung mikawanoh lawan ngomongna ku jalan sorana.

Kauntungan tina VoIP

[edit | edit sumber]
  • Beaya leuwih saeutik batan sambungan langsung jarak jauh. Penekanan utama VoIP teh nyaeta waragad.
  • Ngamangpaatkeun infrastruktur jaringan data anu geus aya pikeun sora. Jadi henteu diperlukeun tambahan waragad bulanan pikeun penambahan komunikasi sora.
  • Pamakean rubakpita anu leuwih leutik batan telepon publik. Alatan majuna teknologi, pamakean rubakpita pikeun sora kiwari jadi pohara leutik. Ku teknik pamadetan, sora ngan merlukeun rubakpita kira-kira 8kbps.
  • Bisa digabungkeun jeung jaringan telepon lokal anu geus aya. Ku cara make gerbang VoIP, jaringan VoIP bisa disambungkan kana PABX anu aya dikantor. Komunikasi antar kantor bisa ngagunakeun terminal telepon nu ilahar.
  • rupa-rupa wangun jaringan VoIP bisa digabungkan jadi jaringan nu gede. Conto di Indonesia nyaeta Voip Rakyat Archived 2007-01-01 di Wayback Machine.
  • Ragem pamakean alat telekomunikasi anu aya, misalna tina PC nyambung ka terminal telepon publik, handset IP phone.

Kakurang VoIP

[edit | edit sumber]
  • Kualitas sora henteu saberesih sora nu dihasilkeun ku jaringan telekomunikasi sora konvensional. Hal ieu diakibatkeun ku efek pamadetan (kompresi) sora jadi rubakpita nu leuwih heureut antukna nurunkeun kualitas sora lmun dibandingkeun jeung jaringan PSTN konvensional. Tapi lamun sambungan internet anu dipake nyaeta sambungan pita rubak, mangka kualitas sora baris beresih - malah leuwih beresih tinimbang sambungan konvensional sarta henteu pegat-pegat.
  • Aya waktu tunda mangsa lumangsungna komunikasi. Proses robahna data jadi sora, jeung waktu tunda dina jaringan, ngajadikeun ayana waktu tunda mangsa lumangsungna komunikasi ku jalan jaringan VoIP. Kajaba lamun ngagunakeun sambungan pita rubak (tempo katerangan di luhur).
  • Lamun urang tacan bisa nyambung kana internet salila 24 jam dina sapoe mangka perlu nyieun jangji jeung nu rek diajak ngomong pikeun bisa ngobrol.
  • Henteu kungsi aya jaminan kualitas lamun VoIP ku jalan internet.
  • Pakakas VoIP relatif mahal. Pakakas VoIP anu nyambungkeun VoIP jeung PABX (IP telephony gateway) beayana relatif
  • Aya potensi ngabalukarkeun jaringan data / internet kahalangan/Stuck. Lamun pamakean VoIP beuki rea, mangka aya potensi jaringan data / internet anu aya bkal jadi pinuh lamun henteu diatur kalawan alus. Pangaturan rubakpita diperlukeun sangkan jaringan di pausahaan henteu jadi pinuh alatan pamakean VoIP.
  • Gabungan jaringan tanpa dikoordinasikeun kalawan alus baris ngabalukarkeun bancang pakewuh dina sistem panomeran

Kualitas sora

[edit | edit sumber]

Kualitas sora VoIP dipangaruhan ku sawatara parameter nyaeta kapasitas rubakpita, tingkat ilangna paket data sarta waktu tunda anu lumangsung dina jero jaringan. Kapasitas rubakpita nyaeta sayagana sumber daya jaringan dina wangun rubakpita anu dipake pikeun ngirimkeun data paket. Tingkat ilangna paket data nyaeta parameter anu nganyatakeun gedena tingkat kasalahan anu lumangsung sapanjang jalur pengiriman data paket ti si pangirim ka si panarima. Waktu tunda nyaeta parameter anu nganyatakeun lumangsungna waktu anu diperlukeun pikeun ngirimkeun paket data ti si pangirim ka si panarima.

Tumbu kaluar

[edit | edit sumber]