Blogger
- l`rby@
- asmiiy'aa
- Az@rbaycanca
- Belaruskaia (tarashkevitsa)
- B'lgarski
- bhojpurii
- Banjar
- baaNlaa
- Bosanski
- Catala
- Dansk
- Deutsch
- Zazaki
- Ellenika
- English
- Esperanto
- Espanol
- frsy
- Suomi
- Francais
- Galego
- `bryt
- hindii
- Magyar
- Hayeren
- Bahasa Indonesia
- Italiano
- Ri Ben Yu
- Jawa
- k`art`uli
- Qaraqalpaqsha
- K'azak'sha
- bhaasaakhmaer
- hangugeo
- kh'shur
- Lietuviu
- Latviesu
- mlyaallN
- Bahasa Melayu
- mzirwny
- nepaalii
- Nederlands
- Norsk nynorsk
- Norsk bokmal
- pNjaabii
- Polski
- Portugues
- Romana
- Russkii
- Sakha tyla
- Scots
- sndhy
- siNhl
- Simple English
- Svenska
- Kiswahili
- tmilll
- telugu
- Tetun
- Toch'iki
- aithy
- Tagalog
- Turkce
- Ukrayins'ka
- O`zbekcha / uzbekcha
- Veneto
- Tieng Viet
- Wu Yu
- yyidySH
- Zhong Wen
- Yue Yu
pamedal blog | |
| URL | blogger.com |
|---|---|
| Komersial? | Sumuhun |
| Rupa | Layanan publikasi blog |
| Registrasi | Haratis |
| Nu mibanda | |
| Nu nyieun | Pyra Labs |
| Mimiti | 23 Agustus 1999 |
| Rengking Alexa | 56 ()[1] |
| Status | Aktif |
Blogger teh salah sahiji layanan publikasi blog nu ditaratas ku Pyra Labs jeung diakuisisi ku Google dina taun 2003. Sacara umum, blog anu dikokolakeun ku Google aya dina subdomain blogspot.com. Blogger ngamungkinkeun pamake pikeun nyebarkeun blogna dina server sejen ngaliwatan FTP nepi ka 1 Mei 2010. Ti harita, sakabeh blog kudu disimpen dina server Google, sanajan kitu, pamake bisa ngagunakeun alamat loka sorangan ngaliwatan Custom URL.[2]
Sajarah
[edit | edit sumber]Dina 23 Agustus 1999, Blogger mimiti dipedalkeun ku Pyra Labs. Minangka salah sahiji pakakas publikasi blog pangheulana di dunya, Blogger boga peran dina mopulerkeun format blog di dunya. Dina Februari 2003, Pyra Labs ieu dialihkokolakeun ku Google, ngajadikeun sababaraha fitur premium Blogger anu samemehna dikomersilkeun ku Pyra Labs jadi layanan anu sapinuhna haratis. Dina Oktober 2004, salah saurang nu ngadegkeun Pyra Labs, Evan Williams, undur diri ti Google.
Dina taun 2004, Google meuli Picasa anu satuluyna diadumaniskeun jeung Blogger antukna pamake Picasa bisa nyebarkeun kumpulan potona ngaliwatan loka blogna.
Dina 9 Mei 2004, Blogger ngawanohkeun sababaraha parobahan utama dina sistem publikasi blogna, nambahan fitur saperti templat nu minuhan standar web, kaca arsip mandiri pikeun unggal postingan jeung komentar, kitu oge fitur posting ngaliwatan email.
Dina 14 Agustus 2006, Blogger ngaluarkeun versi panganyarna dina hambalan beta, kode-ngaranna "Invader". Ieu versi panganyarna teh mindahkeun pamake Blogger kana server milik Google jeung nambahkeun sababaraha fitur anyar. Dina bulan Desember 2006, ieu versi anyar teh kaluar tina tahap beta. Dina Mei 2007, Blogger kakara rengse mindahkeun sakabeh data pamake kana server Google.
Ngarancang Deui
[edit | edit sumber]Salaku bagian tina ngararancang deui Blogger dina taun 2006, sakumna blog nu aya di Blogger hijrah ka server Google. Blogger ngakukeun yen ku ayana eta migrasi, maranehna bisa ngaladenan pamake kalayan leuwih stabil alatan kualitas server Google leuwih hade batan nu samemehna.[3]
Bareng jeung migrasina Blogger kana server Google server, sababaraha fitur anyar diwanohkeun, ngawengku manajemen label, interface tata perenah templat ku cara nyered-jeung-nempatkeun (drag-and-drop), idin nu maca blog (pikeun nyieun blog-blog pribadi) jeung opsi eupan web anyar. Satuluyna, ayeuna mah unggal blog dikiwarikeun kalayan dinamis, beda jeung samemehna nu unggal postingan atawa pairan anyar teh diolah ku cara nulis deui berkas HTML.
Dina September 2009, Google ngawanohkeun fitur anyar minangka bagian tina ngareuah-reuah tepung tauna nu kasapuluh. Fitur kasebut di antarana pidangan anyar pikeun nulis postingan, panyampurnaan pangokola gambar, jeung terapan nu dasarna Google Docs, kayaning:
- Nambahan lokasi nulis dina postingan.
- Titimangsa tulisan anu ditangtukeun dina waktu medalkeun, lain waktu pabrik.
- Ngarobah link di mode tulisan (Nyusun mode).
- Full service pikeun Safari 3.
- Pidangan sawangan nu mintonkeun posting kalayan taksiran rubak tulisan jeung ukuran aksara lamun tulisan ieu dipedalkeun.
- Toolbar anyar kalayan pintonan has Google, waktu pulut nu leuwih gancang, jeung tombol Undo jeung Redo.
Dina taun 2010, Blogger ngawanohkeun templat anyar jeung ngaropea deui lokana.
Dina taun 2013, Blogger ngiwarikeun fitur-fiturna. Salah sahijina teh komentar jeung integrasi dina google+, aya sababaraha fitur anyar :
- desain antarmuka nu dikiwarikeun dina taun 2012
- Intergrasi langsung reujeung google adsense, taun 2012
- Integrasi jeung google+ dina kotak komentar jeung postingan, taun 2013
- Fitur templat seluler nu mere kamampuh ka pamake pikeun ngarancang atawa milih desain templat nu disaluyukeun ( responsif ) pikeun pidangan dina telepon Seluler atawa Gadget.
Integrasi
[edit | edit sumber]- Papan pidangan Google geus fitur "BlogThis!" nu ngidinan toolbar pamake kalayan boga akun Blogger pikeun nuliskeun panumbu langsung kana blog maranehanana.
- Blogger ngaladenan Google AdSense salaku cara pikeun nu boga blog sangkan meunang panghasilan tina blog maranehanana.
- Blogger nawarkeun ladenan Google Adwords salaku cara pikeun mromosikeun blog anyar.
- Blogger nawarkeun rojongan blog multi-pangarang, nu ngamungkinkeun pamake pikeun nyieun blog rereongan (group blog).
- Blogger nawarkeun fitur ngarobah templat, nu ngidinan pamake pikeun ngarobah desain templat blog sakahayangna. Pikeun pamake anu boga kamampuh pamrograman atawa pamahaman kana kode CSS, fitur ieu pohara kapakena sabab ngamungkinkeun maranehna pikeun ngarancang wangun jeung rupa blog-na sorangan, di antarana ku cara nambahan menu jeung kolom.
- Blogger bisa langsung nyambung kana google+ anu bisa nandaan (tagging) babaturan jeung ngabagikeun sacaralangsung reujeung maranehna.
Tempo oge
[edit | edit sumber]- Drupal
- Joomla
- Ifuntastic
- VBulletin
- Moodle
Rujukan
[edit | edit sumber]- | "Blogspot.com Site Info". Alexa Internet. Diakses tanggal 2016-10-03. Archived 2016-11-12 di Wayback Machine
- | Blogger Buzz: Important Note to FTP Users
- | Blogger Buzz: The New Version of Blogger